jalan lalegok-taringgul najan geus diaspal
ti taun ka taun taya robahna
bleg keong nu ngudagngudag kamajuan jaman
ti pangandaran kebat ngidul:
batuhiu
parigi
pasirkiara
parakan
ciwayang
cimindi
ciwangkal
kaduriung
gok we: cigugur
naon nu pantes dipikatineung?
ukur kalangkang poe kamari
nu terus beuki ngipisan
lir halimun katojo panonpoe
naon atuh nu bisa dipikasono?
benguetbeungeut nu beuki asing
kahanjelu nu tetep ngaganjel
lembur kuring
lembur singkur di pakidupan
teuing isuk rek bisa amprok deu(*)