02 Oktober 2011

Reuni eks-SP

ngumpul ngahurun balung
mipit ispirasi
mulungan luang
ngalegaan paneuteup

lengkah geus jauh
ninggalkeun
nineung jeung
rasa nu kungsi pagalo
ninggalkeun intrik
jeung perang kaceuceub

ret ka kenca: asa katinggaleun
ret ka katuhu: asa bagja ku awak sorangan

sagalana geuning
tergantung persepsi
kumaha urang nyokot
sudut pandang
hideung-bodas
ipis batesna

kataji ku lalaki
lucu nu cetuk huis
"hirup ulah dipake susah,
cokot jalan gampang
jeung nikmat."(*)