07 Februari 2013

Asmara Tungtung Lengkah

Basa leungeun patarema
Di sisi lungkawing jungkrang
Aya katumbiri
Endah jeroeun  paneuteup anjeun
Ngirim widadari
Jeung hariring
Jeroeun ati
Asmara urang
Nu endah
Ligar marengan
Renghap panungtung(*)