16 November 2016

Kasarad

Adegan lalumpatan
Carita silihgenti ngawasa layar
Nepakeun sagala rasa
Kanalangsa
Amarah
marudah

Ti poe ka poe
Sarua wae
Cineten
Hareupeun layar
Ngungudag
Kasenangan
Kategangan
Bari mopohokeun
Sagala bangbaluh

Neuleuman Ayeuna

Salengkah salengkah
Neuleuman momen
Miceun harepanharepan hamo tinekanan
Nyerep saripati urip
Nyeuseup madu mangsa

Hirup mah ayeuna
Lain isukan najan pinuh kalangkang harepan

Ngalengkah
Satapak satapak
Nitian sesa mangsa
Da isuk duka bakal tumiba