hoyong deui
nyacap sari
katresna
siga kamari
dina seungit
rambut salira
harita pan bulan
caang mabra
ngigelkeun kalangkang
rasa
nu sumeleket jeroeun
dada urang:
taya papadanana
urang papuket
ngangkleung di sagara
asmara motah
ramo patarema
hate gunem recok
ngabedahkeun kasono
teu suda-suda
napas urang
siga keur balap
ngahegak
awak obah ngawirahma
geter urang
di tungtung:
taya papadananan
harewos bagja
imut kasuka
pagalo jadi
rasa bagja
cakcak dina lalangit ge
semua nu kabita
hoyong deui
siga kamari
nyacap sari
ngigelan bulan purnama
tapi nu aya ukur samagaha
jeroeun dada
kalangkang anjeun
geus ngiles diteureuy
mongkleng peuting
katresna dipalidkuen sulaya
ninggalkeun raheut jeung
tunggara taya tungtungna.