05 Maret 2020

Tungtung Lengkah

basa harepan maruragan
di unggal pengkolan

basa impian limpas
kabawa gulidag masalah hirup

ujugujug
geus aya di tungtung
panonpoe geus meh surup

diri jumarigjeung
napakan sesa-sesa lengkah
tanaga suda
kahanjakal ngarobeda

tueing isuk
boa pageto

tapi napsu
naha masih ngaberung...(*)