24 Oktober 2016

Wallander

Hidup hanya cukup untuk
satu nyanyian
hening
Tawar
Tak lengkap

Harihari terlalu menguras tenaga
Tak tersisa buat yang lain
Termasuk cinta yang selalu menuntut utuh penuh
pikiran tersedot habis
Oleh kasus silih berganti
Menularkan kosong dan perih

Sementara di dalam
Tubuh berkhianat
Mengingkari
Kemudaan
Dan harapan umur panjang

Lalu
Soal baru memanggil
Menguburmu dalam sibuk
Hingga lupa maut
Kian bersijingkat
Mengendapendap
Mendekat.

17 Oktober 2016

15 Oktober 2016

Lalakon Getih

Urang kotret
Lalakon sedih
Lalakon getih

Ti juru-juru kota nu surem
nu pesing ku aroma kamiskinan jeung rasa putus asa
Yatim-yatim diasuh
Ku jurig tanpa nurani
Digedekeun rasa dengdam
Teu anggeus-anggeus
Jadi sato tan rasa nyaah atawa karunya
Haok polotot
Sabet bedog
Kokang bedil
Getih ngamalir
Nepakeun gimir
Ka warga kota

Ti juru kota
Yatim-yatim katalangsara
Nguliat hudang
Ngabedahkeun amarah
Nepakeun kamarudah

Urang kotretkeun
Carita surem
Lalakon burem
Pinuh ku darah jeung pati
Bobgan urang apilain
Ka sasama nu nyangsaya
Balas sangsara
di tungtung kota.

Criminal Mind

Nitenan culika jeung culika
Jiwajiwa nu ruksak
Ngotoran dunya

Kaambek jadi mamala
Getih ngamalir
Nyawa taya regana

Dongeng dunya nu kulawu
Tapi masih mere
Satitik harepan.


Kurung Batok

Unggal poe
Nitian rute nu sarua
Imah-kantor jeung sabalikna
Atawa ngadaweung
Dina korsi hareupeun tivi

Padahal di luar
Aya sajuta jalan jeung kagiatan sejen
Ngadadago
Ngagegero

Ngajanjikeun
Halhal anyar jeung
Kategangan nu beda
Oge satumpuk kamungkinan endah.

14 Oktober 2016

Di Jalan

Dina jandela kareta
Kalangkang harepan lalumpatan
Nepakeun karempan
Jeung rasa hanjakal
Perjalanan ieu
asa taya hasilna
Padahal stasiun tujuan
Beuki ngadeukeutan.

Di Stasiun Palmerah

Sakedap rame
Sakiceup rehe

Silih genti
Paheula-heula
Parebut lolongkrang
kareta
Basa geus merenah
Terus uplek jeung
Layar telepon
Hare2 kanu gigireun
Najan paadek
Taya tanaga
Keur cumarita

Unggal poe
sarua bae