Urang kotret
Lalakon sedih
Lalakon getih
Ti juru-juru kota nu surem
nu pesing ku aroma kamiskinan jeung rasa putus asa
Yatim-yatim diasuh
Ku jurig tanpa nurani
Digedekeun rasa dengdam
Teu anggeus-anggeus
Jadi sato tan rasa nyaah atawa karunya
Haok polotot
Sabet bedog
Kokang bedil
Getih ngamalir
Nepakeun gimir
Ka warga kota
Ti juru kota
Yatim-yatim katalangsara
Nguliat hudang
Ngabedahkeun amarah
Nepakeun kamarudah
Urang kotretkeun
Carita surem
Lalakon burem
Pinuh ku darah jeung pati
Bobgan urang apilain
Ka sasama nu nyangsaya
Balas sangsara
di tungtung kota.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar