25 Maret 2015

Foto kuliah..

Basa kulaih di yogya...

Heuhee..foto baheula

Kurus kerempeng keneh. basa masih di surabaya post....

24 Maret 2015

Perlu diet

Beuki lintuh awak teh. Kudu loba olahraga jeung diet.....

Dari teras atas

Pemandangan sore hari dari teras atas. Baru asar. Langit mendung.

Hujan

Hujan di luar meupeuhan genteng
Beledeg patembalan nepakeun kamelang
Si kembar murungkut di juru  kamar
Si bungsu ngageubra dina aisan ninina
Ari kuring ngacacang teu puguh pikir
Keur seniman hujan kieu teh mindeng jadi ilham
Jadi sajak nu kulawu
Atawa lagu nu sendu
Keur jalma lunta hujan teh mawa mamala
Kacegat laku kacontang lengkah
Keur nu hirup di pojokan jakarta hujan kieu jadi kabalangsak
Banjir neuleumkeun imah jeung harta benda
Hujan di luar mimiti ngorotan
Beledeg ukur nyesa samarsamar
Si kembar geus jigrah deui
Si bungsu masih ngahephep
Ari diri titatadi sibuk ku pikiran sorangan
pagalo kahayang jeung lalamunan
Kabayangbayang isuk
Jeung janggelek hirup na tangtungan sarta panasiban sejen(*)

Sepeda

24 maret 2015.

Teteh

Hayang ngudar tapak
Mieling si teteh nu poe ieu geus miheulaan
Asa bakal kaleungitan: laku nu perceka, basa darehdeh, tara pisan koret ku imut
Asa kadulur pituin
Najan ukur kabeungkeut tatali dunya
Anjeun meureun conto unik wanoja
Nu geus bisa ngalengkah jauh
Tapi teu walakaya dina urusan asmara
Nyidem kakuciwaan
Neundeun katunggaraan
Tapi beungeut tetep marahmay
Wilujeng angkat, teh...!(*)

Si Teteh Geus Mulang

Mulih ka jati mulang ka asal
Subuh subuh beja ngurunyung
Si teteh geus dipundut kunu kagungan
keun urang relakeun
Teu kudu dipuntangan kasedih digegero kahanjakal
Da geus anggeusan sagala kanyerina
Da geus lekasan sakabeh balangsakna
Urang jajap ku dua
Mugamuga dihampura dosa
Dipasihan istana bagja di alam kuburna
Amin.....(*)

23 Maret 2015

Dina Beus 102

antara lebak bulus-tanah abang
beus bleg aki-aki: awak pasesaan, napas ngos-ngosan
di jero bayeungyang
panumpang pesesedek
pengamen jrang jreng teu pegatpegat
baju lamokot ku kesang
hate luber ku katugenah
 :mun loba duit meureun moal  ripuh siga kieu

beus ngadius, juamrigjeug
nangtung muntangan palang beusi: diri ati-ati
panon seuket nitenan sakuriling
inggis copet ngadodoho

beus pungkal pengkol, jig jag balap jeung sasama
paheula-heula rebutan penumpang
hate kukulutus, tapi teu wani betus
di jakarta mah biasa: unggal poe
diajar maehan sora-sora jeroeun dada: kainggis, katugenah, kekeuheul
kabeh ukur dibeuwung
ditumpuk dina ati
ngajadi binih-binih amarah
nu teuing iraha bakal bedah(*)

Image result for kopaja 102

Sigrong

Imah gedong di pengkolan jalan
sigrong dikuriling pager tohaga
gambar pas kahirupan jakarta 
nu harehare ka sasama
milih ngabentengan diri 
keur  nyumponan rasa aman
tapi pager oge jadi panjara 
nyengker diri ti sakurilingeun

padeukeut can tangtu geugeut
paadek can puguh wawuh
paamprok boa ukur api lain (*)