26 Maret 2015

Ruang yang segera jadi kenangan

Sebulan sebelum geser ke kantor baru.
14 purnama keringat, lelah, dan emosi tercucur di sini.

Rapat Terus

Ti rapat ka rapat
Ti tunduh ka tunduh
Ti pusing ka rungsing
Hayang buruburu anggeus
Hayang guragiru bubaran
Rapat ieu
Rapat itu
Rapat naon deui
Rapat terus...(*)

Rapat di Kantor

Rapat blabla
Ngalor ngidul teu enggeus-enggeus
Masalah sadeupa diulurulur
Diulakulik diadurenyomkeun
Hasilna can tangtu jadi bukti
Da kudu dipaluruh deui
Ditaliti di lapangan
Engke sore kudu dirapatkeun deui
Siga kitu unggal poe
Ripuhna ngurus penerbitan harian...(*)

25 Maret 2015

Kuliahan...







awal-awal di tempo...








Foto kuliah..

Basa kulaih di yogya...

Heuhee..foto baheula

Kurus kerempeng keneh. basa masih di surabaya post....

24 Maret 2015

Perlu diet

Beuki lintuh awak teh. Kudu loba olahraga jeung diet.....

Dari teras atas

Pemandangan sore hari dari teras atas. Baru asar. Langit mendung.

Hujan

Hujan di luar meupeuhan genteng
Beledeg patembalan nepakeun kamelang
Si kembar murungkut di juru  kamar
Si bungsu ngageubra dina aisan ninina
Ari kuring ngacacang teu puguh pikir
Keur seniman hujan kieu teh mindeng jadi ilham
Jadi sajak nu kulawu
Atawa lagu nu sendu
Keur jalma lunta hujan teh mawa mamala
Kacegat laku kacontang lengkah
Keur nu hirup di pojokan jakarta hujan kieu jadi kabalangsak
Banjir neuleumkeun imah jeung harta benda
Hujan di luar mimiti ngorotan
Beledeg ukur nyesa samarsamar
Si kembar geus jigrah deui
Si bungsu masih ngahephep
Ari diri titatadi sibuk ku pikiran sorangan
pagalo kahayang jeung lalamunan
Kabayangbayang isuk
Jeung janggelek hirup na tangtungan sarta panasiban sejen(*)