Muguran
geus suda
rasarasa na baheula sirungan
kiwari geus muguran
kukupu
leungiteun jangjang
kakalayangan taya
cahaya harepan
meureun salah urang
teu open kana
rasa sewangsewangan
rasa nu baheula
tumuwuh
kiwari taya sesana(*)
Boa Anjeun
BOA anjeun beubeulahan ati teh
da nu nembrak gigiruen mah
asa jauh tangtungan
ukur matak tagiwur
nambahan karunsing ati
ti poe ka poe
taya robahna
sedeng anjeun
ah….
asa beuki ngeuyeuban diri
padahal urang pajauh
ukur saling baca kotretan
eusi hate
ukur silih simbeuh
ku basabasa basajan
boa anjeung beubeulahan ati teh..
ah…(*)
Poe Nu Neken
BASA sarangenge moreret
sababaraha deupa leuwih deuket
hate marudah mamanggul
kalangkang katugenah
kahanjakal
kakuciwa
pagalo jadi hiji
suku ngalengkah
ka kaler ka kidul
pikiran ngacacang
marojengjang
awak teu nangan
lir aya beusi panas nurihan kulit
ngalentaban hate
teu puguh rasa
teu puguh cabak
teu puguh sababna
teu puguh tungtungna
poe-poe nu beurat
ngagencetan
katengtreman diri(*)
Pangandaran
taya jentreng kacapi
teu aya gelik suling
ukur ombak nu ngaletakan suku
pasosore nyanghunjar dina kikisik
beulahan ati di kenca-katuhu
tingtrim diri, tengtrem hate
nyerangkeun sarangenge
teuleum di tungtung laut
mun salilana poe teu robah meureun endah(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar