09 September 2011

Dua

Ya Raab nu kawasa mulak-malik perkara nu nagping ngajaring sakur nu kumelendang mugi pasihan kakuatan supaya campeg ati ngalengkah ka kaler ka kidul supaya teteg pamadegan saban ngahareupan pasualan mugi pasihan pituduh supaya leungeun baham suku jeung ati laluasa milampah sagala mugi dijaring diri tina sagala kasalahan jeung kalemahan tina sagala katuna jeung sifat-sifat teu uni mugi diriksa diri tina sagala bahaya jeung hal-hal nu ngabalukarkeun ilang kahormatan mugia dibukakeun pituduh supaya bengras manah caang pikiran amin (*yt

Powered by Telkomsel BlackBerry®

Tidak ada komentar: