05 September 2011

Terus Ngalengkah

rasa kuciwa maruragan
harepan geus lila
teu diceboran
da kahirupan
terus ngadius
nepakeun rupa-rupa
mamala jeung katugenah
sababaraha kali
nambru
tapi gancang cengkat deui
jumarigjeug
ngalengkah deui
da kahirupan
terus nyemprung
moal enya waktu
ukur dibeakeun
keur mupusti
harepan kosong
moal enya mangsa
ukur dipake balilihan
pedah hirup pinuh
kanalangsa
mending terus ngalengkah
narima nu aya
leupaskeun kahayang
nu ngarobeda katenang
mending terus
hirup
soga cai
palid
nepi ka samudra(*)

Tidak ada komentar: