NGAJETEN
di satengahing jalan
rempan nitenan sorangeun
kuciwa ngareret tapak tukangeun
sarebu ketak
saratus kabungah
sajuta kanalangsa
nganteurkeun ka dieu
katitik ieu:
pagalona kahanjakal jeung hamham
pacampurna tunggara jeung kahayang
hamo tinekanan
naon du diteangan?
naon du didagoan?
kuduna jadi spon
nu nyerep sagala
saripati hirup
ceurik satarikna
seuri satakerna
tembang sapuasna
nyatu saseubeuhna
tapi naha aya hamham
aya kemelang
aya kasieun
aya kosong
nyiwitan hate
di satengahing jalan
milangan huis
beuki ngandelan
nitenan sesa
harepan maruragan(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar