07 November 2010

Poe Nu Neken

BASA sarangenge moreret
sababaraha deupa leuwih deuket
hate marudah mamanggul
kalangkang katugenah
kahanjakal
kakuciwa
pagalo jadi hiji

suku ngalengkah
ka kaler ka kidul
pikiran ngacacang
marojengjang
awak teu nangan
lir aya beusi panas
nurihan kulit
ngalentaban hate
teu puguh rasa
teu puguh cabak
teu puguh sababna
teu puguh tungtungna

poe-poe nu beurat
ngagencetan
katengtreman diri(*)

29 Oktober 2010

Pangandaran

taya jentreng kacapi
teu aya gelik suling
ukur ombak nu ngaletakan suku

pasosore
nyanghunjar dina kikisik
beulahan hate di kenca-katuhu

tingtrim diri, tengtrem hate
nyerangkeun sarangene
teuleum di tungtung laut
mun salilana
poe teu robah
tetap endah(*)

Nagri Aing


sungut sungut pabaliut 
ngabudah ku kecapkecap taya ma'na
pangagung pangagung linglung
pejabat poho ka rakyat
ieu nagri urang
tempat endah
tapi loba hal
nu ngabalukarkeun 
 hate marudah(*)

26 Oktober 2010

Cinta Terlarang

nasib jadi jurang
ngahalang cinta urang

bongan patepung
dina waktu nu kaliru
masing-masing
geus terlanjur
jadi milik nu lian

tapi da teu wasa
megung kasono
hayang terus panggih
neuteup pameunteu nu liuh
ngarasakeun sora halimpu
kuer maseuhan hate nu halodo

"leuwih hade urang anggeusan,"
ceuk anjeun
tapi karasa aya rasa
teu rido jeung teu wasa
dina eta kalimah teh
rasa nu sarua
oge minuhan dada

jalan urang, nuju jungkrang
tapi asa hoream rek
mungkasanana

basa urang pateuteup
kasawang salempang
jero soca nu talaga
"naha masih aya isukan
keur urang duaan?"(*)

22 Oktober 2010

Poe nu Monoton

Poe geus hudang. Sarangenge mimiti nguniang. Kuring masih ngagelehe. Pikiran ngacacang teu fokus. Barudak salare keneh. Indungna sibuk di dapur.

Poe anyar. Kuduna aya antusias jeroeun dada keur nyambutna. Tapi bororaah. Sagalana karasa datar. Monoton pisan.

Poe ieu sigana ngan ukur rek ngulang kamari jeung poe samemehna deui. Ngaguluyur, tapi suku teu maju-maju.

19 Oktober 2010

nyaris puisi

seperti puisi
atau setidaknya ingin serupa itu
nyatanya hanya kumpulan kata
dangkal makna
tak indah pula
Puisi? ah, nyaris pun tidak(*)

Terlalu Lahiriah-Minded

Poe ieu meunang pelajaran berharga. Diri teh terlalu ngutamakankeun penilaian lahiriah. Kabuktian, hal eta teh sama sakali teu langgeng.

Kuring amprok jeung AKA. Ngagebeg. Naha pangling pisan. Baheula mah manehna teh geulis kacida. Terus terang kuring teh salah sahiji pangagum manehna. Rerencepan tangtuna ge. Tapi basa pasarandog dina lawang teh kuring ampir teu ngenali manehanana. Kageulisanana geus taya urutna.

Kuring inget, manehna memang pernah sababaraha kali naek meja operasi lantaran aya kangker dina daerah huntuna. Akibatna, nya jadi kitu: beungeutna nu baheula mencrang bet taya susana.

Ras we kuring teh kana papatah kolot. Sarupaning nu aya di dunya mah memang taya nu lana. Cinta mun ukur ngandelkeun ku rupa, tinangtu tereh lekasannana. Hanjakal papatah eta teh can berhasil kateuleuman ku kuring teh. Bahkean, ayeuna, sabada papanggih jeung AKA.

Kuring kiwari masih tetap jadi lalaki sabihari: nu ngutamakeun penilaian lahiriah. Mun papanggih jeung mojang geulis, langsung kairut. Heheh. Mun diajak ngobrol ku awewe nu rada belewuk sok males-malesan. Ah, da memang asa hese ngobahna.(*)

12 Oktober 2010

Wani Ngomong

Nu penting mah ngomong. Jalma nu pinter ngomong, bari dibarengan ku pamikiran nu daria tangtu wae, pasti leuwih bisa sukses, terutama dina pagaweanana.

Hal eta kaalaman pisan ku kuring. Ngomong teh jadi modal berharga di kantor. Mun urang bisa ngomong, pinter nyuarakeun eusi uteuk, komo bari dibarengan ku logika anu brilian, pasti loba nu serab.

Hal paling sederhana, alatan sering ngomong urang teh bisa leuwih dikenal ke pingpinan. Tinangtu bae anak buah nu leuwih dipikaloman, atasan oge bisa leuwih berehan dina nganilai.

Tapi tangtu bae modal ngomong teu cukup. Konsistensi tangtu bae jadi aspek kadua anu kacida pentingna. Sanajan urang ngabudah ngomong endah, lamun dina pelaksanaana ancur lebur mah pasti batur oge bakal nyeungseurikeun.

Hal anu rek diutamakan ku kuring di dieu teh nyaeta: tong kudu wani ngomong ngutarakeun pamikiran urang. Tong sieun salah, ulah inggis dianggap bodo.(*)

Kemana

"Akan dibawa kemana hubungan kita?"

lagu merdu merayu itu
menusuk telinga
melukai
mengalirkan darah
melimpah mengalir mebentuk lukisan
tak merah
hanya pucat
menyerupai kita
yang kini bertatapan
dalam hampa
di sana
harihari seperti
tak lagi berganti
terulang persis kemarin
dan kita melangkahinya
dengan mendung
murung
entah kemana semua berujung(*)

11 Oktober 2010

Nalika Maca Jeung Nonton Ngadatangkeun Putus Asa

Mindeng aya rasa putus asa. Soal diri nu nyandu kana nonton jeung maca buku fiksi. Keresep eta, hanjakal pisan teu dibarengan ku nembrakna daya inget kuat dina diri kuring. Jadina mindeng putus asa: sagalana asa taya gunana.

Dina lalajo film misalna. Kuring teh kacida nyanduna. Ti leuleutik mula kitu teh. Kuring inget basa kuring SD ema jeung bapa teh can boga tivi. Jadi lalajo teh sok ngadon milu di tatangga.

Kalan-kalan ema teh rada streng. Ti peuting kuring teu menang kaluar, sanajan malem minggu. Kuring teu ieuh eleh akal. Demi lalajo, kuring bela-belaeun loncat tina jandela. Berekah laku codeka kitu teh teu kanyahoan. Kuring kadang-kadang ngarasa hanjakal jeung dosa ka ema mun inget kana kalakuan teh.

Maca oge geus kahucuhkeun ti keur SD mula. Sarua modal nginjeum. Novel percintaan model Fredy S, Mira W, jllnd, serta novel silat Wiro Sableng geus jadi konsumsi kuring ti awit SD, terutama SMP.

Kadieunakeun, karesep teh teu ieuh ngurangan. Tapi mindeng muncul rasa putus asa ku daya inget anu pondok pisan. Ladang maca jeung nonton teh taya nyerepna. Nu dibaca atawa dilalajoan bulan ka tukang, komo deui taun katukang, mindengna mah berekah taya tapak-tapakna. Mun buku jeung filmna kapanggih deui teh asa manggihan nu anyar deui. Asa-asa siga amnesia.

Sabenerna baheula kungsi aya usaha keur ngatasi hal ieu teh. Maca jeung lalajo teh kudu dibarengan ku nulis. Jadi sabada maca jeung lalajo tuh kuring kudu maksakeun nulis. Perkara naon wae anu kainget sabada kagiatan eta. Tina sakadar nyieun resensi, neangan pelajaran, atawa ngembangkeun leuwih jauh deui.

Hanjakal jalan eta teh teu bisa konsisten ditedunan. Semangat nulis teh kalan-kalan ilang taya raratan. Tapi kadang-kadang kasadaran teh datang deui ngahucugkeun semangat jadi ngagedur deui.

Jauh dina jero ati kuring yakin, tina ladang nulis kitu, hiji waktu pasti kaala hasilan. Ukur sakadar jadi panineungan atawa jadi nu leuwih berharga. (*)