Poe ieu meunang pelajaran berharga. Diri teh terlalu ngutamakankeun penilaian lahiriah. Kabuktian, hal eta teh sama sakali teu langgeng.
Kuring amprok jeung AKA. Ngagebeg. Naha pangling pisan. Baheula mah manehna teh geulis kacida. Terus terang kuring teh salah sahiji pangagum manehna. Rerencepan tangtuna ge. Tapi basa pasarandog dina lawang teh kuring ampir teu ngenali manehanana. Kageulisanana geus taya urutna.
Kuring inget, manehna memang pernah sababaraha kali naek meja operasi lantaran aya kangker dina daerah huntuna. Akibatna, nya jadi kitu: beungeutna nu baheula mencrang bet taya susana.
Ras we kuring teh kana papatah kolot. Sarupaning nu aya di dunya mah memang taya nu lana. Cinta mun ukur ngandelkeun ku rupa, tinangtu tereh lekasannana. Hanjakal papatah eta teh can berhasil kateuleuman ku kuring teh. Bahkean, ayeuna, sabada papanggih jeung AKA.
Kuring kiwari masih tetap jadi lalaki sabihari: nu ngutamakeun penilaian lahiriah. Mun papanggih jeung mojang geulis, langsung kairut. Heheh. Mun diajak ngobrol ku awewe nu rada belewuk sok males-malesan. Ah, da memang asa hese ngobahna.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar