nasib jadi jurang
ngahalang cinta urang
bongan patepung
dina waktu nu kaliru
masing-masing
geus terlanjur
jadi milik nu lian
tapi da teu wasa
megung kasono
hayang terus panggih
neuteup pameunteu nu liuh
ngarasakeun sora halimpu
kuer maseuhan hate nu halodo
"leuwih hade urang anggeusan,"
ceuk anjeun
tapi karasa aya rasa
teu rido jeung teu wasa
dina eta kalimah teh
rasa nu sarua
oge minuhan dada
jalan urang, nuju jungkrang
tapi asa hoream rek
mungkasanana
basa urang pateuteup
kasawang salempang
jero soca nu talaga
"naha masih aya isukan
keur urang duaan?"(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar