beungeut lir taya getihan
tumanya
"geus tepi kamana
lalampahan salira?"
ukur balem
baham kakunci
dina hihideung matana
kuring malah nyakseni
gambar-gambar kahirupan
lalakon katukang
"naon warna hirup
anjeung teh?"
kalah bingung
teu kabade
da tiap warna
ngadadak sepa
sasepa rarasaan(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar