08 Oktober 2010

Panineungan: Nyangu

Sok murukusunu ari dititah nyangu teh. Bahuela basa keur SD jeung SMP keneh, kuring mindeng dipancen tugas nyangu. Nungguan sangu asak, persisna mah, da ema nu mindeng ngisikan jeung ngagigihan mah.

Biasanya tugas eta teh katarima lamun ema kudu ngiderkeun dagangan atawa ngadon ka kebon. Sabenerna hoream mancen tugas eta teh. Bubaran sakola, kasorenakeun kitu teh, wayahna loba kaulinan. Babaturan sok ngadon ngojay di balong atawa ngadon maen bal di lapangan hareupeun
kaum. Atuh tugas nyangu teh nyangkered kuring tina karesep.

Kuring pasti teu bisa ingkah salila sangu can asak teh. Maklum jaman harita mah can usum mejik jar nu otomatis bisa ngasakan sangu cara ayeuna. Kuring nyangu teh dina hawu. Suluhna kudu teratur diasur-asur. Mun seeng geus saheng, tandana sangu tereh asak.

Kuring harita mah apal iraha sangu asak teh. Mun geus tanek, terus sangu teh diakeul dina nyiru plastik (da di umah kuring mah teu aya dulang). Kuring beraksi: hihid dina leungeun kenca, centong dina leugeun katuhu. Duanana kudu sairama magawe.

"Sing nepi ka erep haseupna sangu teh, supaya teu gancang haseum," kuring ingat omongan ema soal akeulan teh. Mun geus asak sangu teh diwadahan kana sangku atawa boboko.

Kiwari nyangu teh ukur tinggal waasna. Di imah mejic jar geus berkuasa.

Tapi kuring jusrtu asa rada hanjakal ari ngingetan pangalaman baheula teh. Handeueul naha beheula teu bener-bener ngalaksanakeun tugas di dapur teh. Meureun mun harita bener-bener daek ngulik kana masak mah,
kiwari teh bisa kapetik manfaatna.

Ayeuna teh kuring justru mindeng nitenan acara masak dina tivi. Resep pisan. Kadang-kadang sok digeunggeureuhkeun ku pamajikan pedah kuring resep nempoan nu kita. Tapi ah da tetep we resep. Ngan memang ukur resep nempo wungkul. Ari prakna masak mah tara pisan. Rencana jeung kahayang mah aya, tapi teu purun ngamimitianana.(*)

Tidak ada komentar: