11 Oktober 2010

Nalika Maca Jeung Nonton Ngadatangkeun Putus Asa

Mindeng aya rasa putus asa. Soal diri nu nyandu kana nonton jeung maca buku fiksi. Keresep eta, hanjakal pisan teu dibarengan ku nembrakna daya inget kuat dina diri kuring. Jadina mindeng putus asa: sagalana asa taya gunana.

Dina lalajo film misalna. Kuring teh kacida nyanduna. Ti leuleutik mula kitu teh. Kuring inget basa kuring SD ema jeung bapa teh can boga tivi. Jadi lalajo teh sok ngadon milu di tatangga.

Kalan-kalan ema teh rada streng. Ti peuting kuring teu menang kaluar, sanajan malem minggu. Kuring teu ieuh eleh akal. Demi lalajo, kuring bela-belaeun loncat tina jandela. Berekah laku codeka kitu teh teu kanyahoan. Kuring kadang-kadang ngarasa hanjakal jeung dosa ka ema mun inget kana kalakuan teh.

Maca oge geus kahucuhkeun ti keur SD mula. Sarua modal nginjeum. Novel percintaan model Fredy S, Mira W, jllnd, serta novel silat Wiro Sableng geus jadi konsumsi kuring ti awit SD, terutama SMP.

Kadieunakeun, karesep teh teu ieuh ngurangan. Tapi mindeng muncul rasa putus asa ku daya inget anu pondok pisan. Ladang maca jeung nonton teh taya nyerepna. Nu dibaca atawa dilalajoan bulan ka tukang, komo deui taun katukang, mindengna mah berekah taya tapak-tapakna. Mun buku jeung filmna kapanggih deui teh asa manggihan nu anyar deui. Asa-asa siga amnesia.

Sabenerna baheula kungsi aya usaha keur ngatasi hal ieu teh. Maca jeung lalajo teh kudu dibarengan ku nulis. Jadi sabada maca jeung lalajo tuh kuring kudu maksakeun nulis. Perkara naon wae anu kainget sabada kagiatan eta. Tina sakadar nyieun resensi, neangan pelajaran, atawa ngembangkeun leuwih jauh deui.

Hanjakal jalan eta teh teu bisa konsisten ditedunan. Semangat nulis teh kalan-kalan ilang taya raratan. Tapi kadang-kadang kasadaran teh datang deui ngahucugkeun semangat jadi ngagedur deui.

Jauh dina jero ati kuring yakin, tina ladang nulis kitu, hiji waktu pasti kaala hasilan. Ukur sakadar jadi panineungan atawa jadi nu leuwih berharga. (*)

Tidak ada komentar: