Karek rengse maca carpon Darpan. Duet Maut, judulna. Top. Ngaguluyur. Basana nerap tur konsisten. Oge aya unsur dramatis anu matak ngajiret emosi pembaca.
Teu aneh. Darpan memang geus kakoncara salaku pangarang sunda ngora. Manehna, anu sapopoena cekel gawe jadi guru, geus kungsisababaraha kali dileler penghargaan lantaran karyany ny pinunjul.
Maca carponna, ngahudang kasono kuring. Bahuela kuring bisa rutin nengetan carita sunda siga kieu dina majalah mangle. Kiwari ukur tinggal waasna, da kuring teh geus lila bumetah di Jakarta.(*)
1 komentar:
Pa Darpan teh wali kelas sim kuring :D
Posting Komentar