29 September 2010

Pengkolan

hirup te pinuh ke pengkolan
lunggak lenggok matak gegebegan

28 September 2010

Halabhab

Asa halabhab teu anggues-anggeus. Unggal poe leukeun mukaan internet, sugan jeung sugan aya tulisan anyar. Neangan tulisan dina basa sunda kuring teh.

Meureun bakat ku sono. Geus lila ninggal sarakan. Geus ampir 20 tahun ngacacang ka mana-mana. Ayeuna, akhirnya, bumetah di Jakarta. Asa sono pisan kana basa sunda. Terutama tulisan-tulisan sastrana.

Kuring geus akrab jeung Mangle, Galura, sarta Sipatuhanan tikeur budak mula. Harita, ti mimiti kelas V SD asana, sok ngadon nginjeum majalah atawa koran basa Sunda eta ka tatangga. Biasana ka babaturan anu indung atawa bapana jadi guru tur kabedag langganan media basa sunda eta.

Carita pondok terutama bagian utama anu sok jadi udagan kuring. Harita pisan kuring teh kenal ka Aam Amilia, Holisoh ME, jeung pangarang sunda kahot lianna.

Ku mindeng macaan carita sok jorojoy kahayang nurutan. Hayang jadi pangarang. Tapi sanggeus dicoba-coba, berekah teu berhasil. Malah kuring nepi kana kasimpulan: kurang berbakat kana tulis menulis.

Tapi buktina ayeuna kuring jadi wartawan. Sapopoena ulukutek nulis. Tapi memang dina basa Indonesia nulis teh.

Ari kana basa Sunda ukur sono. Kana majalah jeung surat kabar berekah tara manggihan. Atuh kasono teh dipapalerkeun ku neangan tulisan tina internet. Ka beh dieunakeun kuring oge leuekun neangan babaturan dina fesbuk anu asal Sunda. Diutamakan nu kerep nulis dina basa sunda. Sugan we kasono teh kapapalerkeun.(*)

24 September 2010

Urang Sunda mah Materialistis

Urang sunda mah materialistis. Baheula kungsi kadenge tudingan kitu teh, basa kuring budah keneh. Harita mah can ieuh bisa mikirkeun bener henteuna tudingan eta teh. Da memang kapan ambahan ge ngan saukur sawates kampung wungkul.

Kiwari sanggeus sababaraha kota kungsi katempatan, kalan-kalan tudingan eta teh sok kapikiran. Lamun dibanding-bandingkeun kana jalma ti berbagai daerah anu kukuring kapanggihan, sakapeung sok asa aya benerna anggapan eta teh.

Urang sunda mah loba pisan nu teu boga mental "berakit-rakit ke hulu". Pangala teh lolobana langsung beak keur urusan konsumsi. Beda jeung urang jawa atawa Cina aku rikrik pisan: misahkeun pangala jang nabung geusan pikahareupeun.

Basa mulang lebaran kamari kuring panggih jeung babaturan sakola di SD. Manehna oge miboga kasimpulan nu sarua jeung kuring. Manehna kungsi jadi buruh pabrik ampir sapuluh taun, tapi akhirnya milih balik ka lembur lantaran ngarasa taya nu nyesa tina ladang tihuthet unggal poe teh.

Manehna oge nyarita, aya baturna urang jawa nu nepi ka ayeuna masih aya di Bekasi. Manehna masih jadi buruh di pabrik, tapi hirupna geus rada senang. Baheula manehnamah rajin nabung terus melian taneuh di daerah nu can maju. Kiwari si tanah teh dijadikeun tempat kontrakan. Manehna berekah bisa mengandelkeun hirup tina kontrakan eta.

Loba deui conto sejen nu kapanggihan dina hirup kuring. Di rengrengan keluarga kuring, boh ti diri kurang atawa pamajikan kuring anu pada-pada urang sudan, karasa pisan semangat jang ngabeakeun duit kana kasenangan jeung barang-barang konsumsi teh gede pisan.

Kuring sorangan justru kapangaruhan pisan ku tudingan eta. Jadina malah sabalikna. Kuring jadi apik pisan dina ngabalanjakeun pakaya. Malah kalan-kalan pamajikan teh nuding kuring pelit. "Piraku meuli baju jang dipake sorangan bae nyaah," pokna.(*)

23 September 2010

Hampa

remah remah harapan
yang masih
terserak tercecer
sirna ditiup
angin kekecewaan
hanya kelabu
dalam pandangan
suram
hampa(*)

03 September 2010

Ulin di Buruan

Ulin di buruan. Baheula basa kuring masih leutik keneh, istilah eta teh akrab kacida. Unggal poe, mu teu aprak-aprakan ka sawah atawa ka kebon, ulin teh nya sok di buruan. Ngadu kaleci, maen panggal, ngala jambu atawa balimbing. Pokona asa taya bosenna.

Kiwari istilah eta teh ukur tinggal implengan. Kuring sakeluarga hirup di Jakarta. Di kota ieu, tanah heureut imah padempet-dempet. Bororaah aya buruan nu lega. Mu aya oge sakliat pisan bek ku kabutuhan: garasi, nambahan kamar, ngelegaan rohangan tamu.

Pokona kiwari teh burun geus jadi barang langka. Ngan jelema jegud nu bener-bener boga burun lega teh.

Akibatna barudak kuring --sikembar nu ampir opat taun-- mun ulin teh biasana sok menta diajak ka taman. Tapi paling resepeun mah ulin di carrefour jeung giant. Di dua pusat perbelanjaan eta aya areal khusus keur ulin barudak. Mandi bola, poporosotan, imah balon. Pokona matak betah barudak. Unggal poe menta jeung menta deu ke tempat eta.

Atuh kuring nu jadi ketempihan. Beurat di ongkos. Sakali datang teh, minimal beak Rp 50 rebu. Mun sabulan opat kali bae, geus Rp 200 rebu. Dipikir-pikir, kacida bergunana mun bisa ditabung keur biaya sakola manehna.

Sunda Kagok

Kuring sunda, pamajikan sunda. Tapi di imah, sapopoe teh leuwih milih komunikasi ku basa Indonesia. Asa leuwih bebas, teu keeurad ku undak usuk.

Tuda kalan-kalan karasa teu pas mun hubungan make basa sunda teh. Kadang-kadang matak nyentuk kana angen-angen. Ari manehna asal ti Kuningan, sedeng kuring ti Ciamis. Pada-pada basa sunda, tapi loba ucapan anu beda panempatanana.

Dahar, tuang. kitu kuring biasana nyarita keur kagiatan ngeusian beutung teh. Tapi pamajikan mah, sok nyebut teh nyatu. Tah eta antara lain nu matak nyeblak teh. Di daerah manehna kata-kata eta teh lumrah. Tapi di daerah kuring eta teh kasar pisan. Ngan diucapkeun ku pihak nu keur ambek atawa ka sasatoan.

Masih loba keneh kata jueng kalimat nu siga kitu teh. Lumrah jeung lemes di tempat kuring, teu biasa di tempat manehna. Atawa sabalikna. Pangna ge ah, ngareunah keneh make basa Indonesia. Mun panggih jeung babaturan karek kuring make basa sudan. Kasar oge teu nanaon, teu matak nyentug kana angen.(*)

02 September 2010

Emut ka Bapa

Puasa nu kasabaraha itu teh?

Mun puasa dimimitan ti umur 6 atawa 7 taunan, meureun ayeuna teh jadi puasa nu ka-30 leuwih. Geus tapis kuduna mah. Makin bisa neuleman maknana, makin bisa sampurna ngajalankeunana.

Tapi, nyatana teu kitu. Beuki dieu, puasan teh asa beuki jauh. Jauh tina husu, jauh tina sampurna, jauh tian bermakna. Nu aya teh, taraweh makin langka. Kana dosa beuki teu asa-asa.

Inget kana caritaan ema jeung almarhum bapa baheula. Iman teh bisa ngandelan jeung ngipisan. Urang kudu usaha supaya iman eta terus ngandelan ku rajin ngahadiran pangajian.

jawan kiwari, justru nu aya teh kuring makin jauh. Pangajian taun kali oge henteu. Paling kongang ngadenge hutbah jumaah saminggu sakali. Kitu oge lamun teu nundutan.

Kalan-kalan muncul rasa dosa. Almarhum bapa teh keyeng pisan dina ngajurung kuring mempelajari agama. Anjeunna omat-omatan, kuring kudu ngaji di madrasah unggul burit. Sakola agama, istilahna harita teh.

Samemeh mulang ka alam kalanggenagn, anjeunna oge sering pisan mepelingan soal perluna ngajaga bakti ka gusti Allah. Kuring inget dina hiji kasempetan anjeunna tembong kacida bungahna pedah kurang mulang ka kampung bari dina kantong mekel buku hadis anu kandel. Anjeunna maka kedal majar kurang teh anak nu pang solehna.

Kiwari, nginget-nginget kajadian eta, kurang jadi era parada. Rumasa geus nguciwakeun harepan anjeunna. Kuring sama sakali jauh tina soleh. Nu aya ti poe ka poe teh diri beuki ngajuhan tina jalan agama. Kagoda ku mamanis dunya.(*)

Jadi Pangarang

Jadi pangarang. Kerep kasawang endahna. Ti bubudak mula. Meureun pedah kuring kalobaan teung maca carita fiksi boh sunda boh dina basa indonesia. Pipikiran antukna kabawa-bawa. Hayang nurutan.

Tapi da ukur kahayang wungkul. Bari teu didukung ka pangabisa. Basa SMA jeung kuliah ngan bisa nulis carita barudak, teu beda beunang barudak sakola dasar.

Pernah dimuat dina majalah mangle sabahara kali, tulisan teh. Honorna, matak era nyairkeunana. Ngan Rp 10 rebu. Pangnage wesel teh sok ditunggua nepi ke ngumpul opat atawa lima, terus dicairkeun.

Kiwari, kahayang masih aya. Tapi cara nulis teh can oge kataekan. Kuring kalah popolohokan nitenan barudak ngora rabul mintonkeun karya-karyana. Matak helok, matak kabita.

Di fesbuk, kuring teh ngahaja neangan batur urang sudan, terutama anu sok rajin ngirimkeun catetan dina basa sunda. Hayang macaan karya batur, sugan jeung sugan aya ilham nu ngaliwat. Tapi geus ampir dua taun, berekah can pareng aya tulisan nu jadi.

Meureun cita-cita teh ngan ukur rek jadi cita-cita. Nepi ka iraha oge moal tinekanan. Tapi da teu pati kuciwa. Kuring geus diajar, tepatna, geus biasa ku mangrupa rasa kuciwa. Ku bebekelan sakieu ayana, memang meureun kuduna ulah loba teung kahayang.

Tapi, da eta kasadaran teh ngan ukur sasisi tina koin. Di sisi sejnna, aya kapanasaran nu tetep ngebela-bela. Bahkan aya dugaan, yen lamun kuring leuwih rajin usaha, asana rek bisa ngahasilkeun hiji dua karya mah. Tangtu tong heula nyoal masalah kualitasna.

Jadi pangarang. Ah.(*)

seja nulis sunda

seja nulis sunda
sapoe sakotret
sugan kaubar
sono neu geus maneuh
sanggeus lilia incah balilahan
ninggalkeun sarakan
nu beuki kokolebatan
kalangkang lembur laleungitan tina implengan
kaganti ku meredong
poek pasualan hirup

seja ngotret ngahanca
sugan kahudang
rasa basa
nu beuki ngorotan
kagerus waktu jeung lalampahan

seja ngadeluk
nyabar-nyabar karep
nembrakkeun pipikiran
jeung rarasaan
boa jaga
aya manfaatna
prak.(*)