28 September 2010

Halabhab

Asa halabhab teu anggues-anggeus. Unggal poe leukeun mukaan internet, sugan jeung sugan aya tulisan anyar. Neangan tulisan dina basa sunda kuring teh.

Meureun bakat ku sono. Geus lila ninggal sarakan. Geus ampir 20 tahun ngacacang ka mana-mana. Ayeuna, akhirnya, bumetah di Jakarta. Asa sono pisan kana basa sunda. Terutama tulisan-tulisan sastrana.

Kuring geus akrab jeung Mangle, Galura, sarta Sipatuhanan tikeur budak mula. Harita, ti mimiti kelas V SD asana, sok ngadon nginjeum majalah atawa koran basa Sunda eta ka tatangga. Biasana ka babaturan anu indung atawa bapana jadi guru tur kabedag langganan media basa sunda eta.

Carita pondok terutama bagian utama anu sok jadi udagan kuring. Harita pisan kuring teh kenal ka Aam Amilia, Holisoh ME, jeung pangarang sunda kahot lianna.

Ku mindeng macaan carita sok jorojoy kahayang nurutan. Hayang jadi pangarang. Tapi sanggeus dicoba-coba, berekah teu berhasil. Malah kuring nepi kana kasimpulan: kurang berbakat kana tulis menulis.

Tapi buktina ayeuna kuring jadi wartawan. Sapopoena ulukutek nulis. Tapi memang dina basa Indonesia nulis teh.

Ari kana basa Sunda ukur sono. Kana majalah jeung surat kabar berekah tara manggihan. Atuh kasono teh dipapalerkeun ku neangan tulisan tina internet. Ka beh dieunakeun kuring oge leuekun neangan babaturan dina fesbuk anu asal Sunda. Diutamakan nu kerep nulis dina basa sunda. Sugan we kasono teh kapapalerkeun.(*)

Tidak ada komentar: