02 September 2010

Jadi Pangarang

Jadi pangarang. Kerep kasawang endahna. Ti bubudak mula. Meureun pedah kuring kalobaan teung maca carita fiksi boh sunda boh dina basa indonesia. Pipikiran antukna kabawa-bawa. Hayang nurutan.

Tapi da ukur kahayang wungkul. Bari teu didukung ka pangabisa. Basa SMA jeung kuliah ngan bisa nulis carita barudak, teu beda beunang barudak sakola dasar.

Pernah dimuat dina majalah mangle sabahara kali, tulisan teh. Honorna, matak era nyairkeunana. Ngan Rp 10 rebu. Pangnage wesel teh sok ditunggua nepi ke ngumpul opat atawa lima, terus dicairkeun.

Kiwari, kahayang masih aya. Tapi cara nulis teh can oge kataekan. Kuring kalah popolohokan nitenan barudak ngora rabul mintonkeun karya-karyana. Matak helok, matak kabita.

Di fesbuk, kuring teh ngahaja neangan batur urang sudan, terutama anu sok rajin ngirimkeun catetan dina basa sunda. Hayang macaan karya batur, sugan jeung sugan aya ilham nu ngaliwat. Tapi geus ampir dua taun, berekah can pareng aya tulisan nu jadi.

Meureun cita-cita teh ngan ukur rek jadi cita-cita. Nepi ka iraha oge moal tinekanan. Tapi da teu pati kuciwa. Kuring geus diajar, tepatna, geus biasa ku mangrupa rasa kuciwa. Ku bebekelan sakieu ayana, memang meureun kuduna ulah loba teung kahayang.

Tapi, da eta kasadaran teh ngan ukur sasisi tina koin. Di sisi sejnna, aya kapanasaran nu tetep ngebela-bela. Bahkan aya dugaan, yen lamun kuring leuwih rajin usaha, asana rek bisa ngahasilkeun hiji dua karya mah. Tangtu tong heula nyoal masalah kualitasna.

Jadi pangarang. Ah.(*)

Tidak ada komentar: