05 Desember 2008

Basa Asih Nyaliara

taman impian, kebon harepan
geten diipuk disiraman
kembang bodas
kembang kayas
kembang asmara
kembang kanyaah

angin rintih, angin ririh
seungit nyaliara kamana-mana
ros
malati
kananga
ligar jeroan dada
asih urang asa keur salawasna(*)

Tidak ada komentar: