Hese pisan nedunan jangji teh. Aya aya bae hahalangna teh. Basa ngamimitian blog ieu, dua bulan katukang, kuring jangji rek nulis lewih sering. Mun bisa unggal poe. Tapi kiwari geus bukti: beuki loba poe nu bolong.
Memang karasa beurat kudu terus kokotret dina sela-sala kasibukan gawe teh. Komo mun hayang nulis pasualan nu rada jero mah. Beurat pisan. Maklum kadang-kadang pagawean nulis di kantor oge geus nyontang waktu jeung pikiran.
Tapi persoalannana mah sigana terkait masalah disiplin diri jeung motivasi.
Kadisiplinan memang salawasna jadi titik kakurangan kuring. Baheula basa can ngumbara ka kota kuring sering jangji yen mun tulus disakolakeun ka kota kuring pasti bakal ngalesa. Rek Jadi budak bageur. Moal awuntah, moal boros kana duit, moal katarik ku hal-hal negatif, pokona pasti jadi anak teladan lah.
Tapi, nyatana basa kuring jadi disakolakeun ke kabupaten (sakola SMA) jangji jangji teh nungtutan lagragan. Malah mungkin taya hiji oge nu tetep bisa ditedunan.
Ti saprak eta geus loba janji-jangji sejenna nu akhirna tanpa bukti. Kadisplinan kuring keur ngalaksanakeun program pribadi teh bener-bener nol besar.
Jangji keur nulis rutin dina blog ieu oge buktina hese pisan dicekelna. Hal ieu teh sigana teu leupas tina masalah motivasi. Kuring nulis ukur satulis-tulisna, teu dilandasan ku udagan husus nu bisa jadi pamecut diri. Nnulis teh ukur jang diajar atawa jang bukaeun jaga sugan jeung sugan kapanggih manfaatna.
Tapi ah poe ieu kuring rek nganyaran jangji baheula: kuring rek usaha satekah polah nulis lewih rutin.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar