15 Desember 2008

Buntu Laku

hareupeun komputer
uteuk samagaha
ramo kaku lir kakeueum es
taya kecap nu kakotret
taya kalimat anu ngalanto
inspirasi teuing ka endi

hareupeun layar kosong
hate kalah noroweco
cus cos ka di kaler
lus los ka kidul
karempan narembongan
kainggis ngagupayan
ah.......(*)

Tidak ada komentar: