10 Desember 2008

Neangan

yu,
urang ka basisir
mapay raratan cinta urang
sugang timu kaasih na letah ombak
atawa keheman na amparan kikisik

urang ka pasir yu,
neangan rasa nu nungtutan alum
kalindes ego sagunung

yu, urang ka sawah
mapay kamalir asih
sugan rasa masih bisa dijaga
tur urang bisa ngelengkahpatarema ramo
yu(*)

Tidak ada komentar: