02 Desember 2008

Sabar Jeung Tekun

Kalan-kalan diri teh sok ngarasula. Teu sabar nyanghareupan situasi nu teu nyugemakeun. Ngarasula pedah teu tembong cahaya harepan di pikahareupeun.
Padahal pangalaman geus mepelingan: kasabaran jeung katekunan bisa jadi jalan kasuksesan.

Almarhum lanceuk ipar kuring bisa jadi contona. Manehna insinyur sipil pinter lulusan UGM. Barang lulus langsung diburu ku sababaraha parusahaan pemborong. Malah aya hiji BUMN anu sadia narima tur langsung mere kadudukan anu lumayan.

Tapi, tawaran BUMN teh ditolak. Anjeuna leuwih milih cekel gawe di swasta. Alesanana sederahana: panghasilan selaku pagawe BUMN anyar eleh jauh tinimbang jadi pagawe swasta.

Belasan taun manehna yakin kana pilihanan. Tapi akhirna manehna ngarasa hanjakal. Kadieunakeun pausahaan swasta tempatna gawe oleng. Proyekna beuki langka. Si akang teh oge beuki sering katarajang panyakit.

Almarhum teh terus sering humandeuar lantaran ngarasa hanjakal bahuela nolak tawaran gawe di BUMN. Manehna sering panggih jeung babaturan saangkatan anu jadi pagawe negeri atawa BUMN: sarukses boga kadudukan. Imahna oge agreng mobil loba. "Coba mun harita akang sadia jadi pagawe BUMN," pokna hiji waktu.

Conto lain oge loba. Jalma nu bakatna biasa-biasa wae tur cekel gawe dina widang biasa-biasa wae, lantaran sabar jeung tekun, antukna bisa sukses. Malah kasuksesanana bisa ngaliwatan jalma pinter tapi teu sabar dumetek dina hiji widang gawe lantara ngaras potensi dirina bisa leuwih ti eta.

Kasumpulanana kacida pentingna urang bisa sabar jeung tekun dina ngajalankeun kahirupan.

Masalahna, lamun urang memang ngarasa boga potensi tur kaayan ayeuna kurang ngarojong kana potensi, terus kudu kumaha? Naha urang kudu tetep sabar ngalakonan gawe ayeuna atawa lahlahan neangan pangluncatan anyar nu leuwih sesuai?

Luncat nuturkeun ambisi memang bisa jadi pilihan anu hade. Tapi mun urang tetep milih ngalakonan gawe anu ayeuna, asal dibareng ku sabar tur tekun, pasti oge bisa sukses. Cag ah. (*)

Tidak ada komentar: