Ngadon ngojay dina samudra lalamunan
Hate teu sabar hayang guragiru lekasan: di bengkel, bank, di buruan sakola barudak
Hayang geura beres hayang geura cunduk
Waktu ngan dianggap cukang muru ka sisi beulah ditu
Miharep tempat anyar leuwih tumaninah tur merenah
Mateni waktu bihari
Padahal can tangtu kitu
Isuk can tangtu cunduk
Ngan ayeuna nu geus nyampak
Kuduna dipupusti dimaksimalkeun(*)