Lamunan laluncatan tapis ngalanglang
Lolongkrang pikiran
Adegan demi adegan ngaguluyur
Bleg film nu bisa diatur lambat cepetna
Mun dikotretkeun
Asa moal kaudag
Kalah leuseuh aksara ngabeberikna
Kalah nambru sumanget ngigelanana
Ceunah lamunan teh kalangkang
Wawakil katuna diri
Gambaran kakurangan nembrak na awak sorangan
Tapi, ah, paduli teuing...(*)
Lolongkrang pikiran
Adegan demi adegan ngaguluyur
Bleg film nu bisa diatur lambat cepetna
Mun dikotretkeun
Asa moal kaudag
Kalah leuseuh aksara ngabeberikna
Kalah nambru sumanget ngigelanana
Ceunah lamunan teh kalangkang
Wawakil katuna diri
Gambaran kakurangan nembrak na awak sorangan
Tapi, ah, paduli teuing...(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar