Hujan di luar meupeuhan genteng
Beledeg patembalan nepakeun kamelang
Si kembar murungkut di juru kamar
Si bungsu ngageubra dina aisan ninina
Ari kuring ngacacang teu puguh pikir
Keur seniman hujan kieu teh mindeng jadi ilham
Jadi sajak nu kulawu
Atawa lagu nu sendu
Keur jalma lunta hujan teh mawa mamala
Kacegat laku kacontang lengkah
Keur nu hirup di pojokan jakarta hujan kieu jadi kabalangsak
Banjir neuleumkeun imah jeung harta benda
Hujan di luar mimiti ngorotan
Beledeg ukur nyesa samarsamar
Si kembar geus jigrah deui
Si bungsu masih ngahephep
Ari diri titatadi sibuk ku pikiran sorangan
pagalo kahayang jeung lalamunan
Kabayangbayang isuk
Jeung janggelek hirup na tangtungan sarta panasiban sejen(*)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar