beus bleg aki-aki: awak pasesaan, napas ngos-ngosan
di jero bayeungyang
panumpang pesesedek
pengamen jrang jreng teu pegatpegat
baju lamokot ku kesang
hate luber ku katugenah
:mun loba duit meureun moal ripuh siga kieu
beus ngadius, juamrigjeug
nangtung muntangan palang beusi: diri ati-ati
panon seuket nitenan sakuriling
inggis copet ngadodoho
beus pungkal pengkol, jig jag balap jeung sasama
paheula-heula rebutan penumpang
hate kukulutus, tapi teu wani betus
di jakarta mah biasa: unggal poe
diajar maehan sora-sora jeroeun dada: kainggis, katugenah, kekeuheul
kabeh ukur dibeuwung
ditumpuk dina ati
ngajadi binih-binih amarah
nu teuing iraha bakal bedah(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar