24 Maret 2015

Si Teteh Geus Mulang

Mulih ka jati mulang ka asal
Subuh subuh beja ngurunyung
Si teteh geus dipundut kunu kagungan
keun urang relakeun
Teu kudu dipuntangan kasedih digegero kahanjakal
Da geus anggeusan sagala kanyerina
Da geus lekasan sakabeh balangsakna
Urang jajap ku dua
Mugamuga dihampura dosa
Dipasihan istana bagja di alam kuburna
Amin.....(*)

Tidak ada komentar: