Imah gedong di pengkolan jalan
sigrong dikuriling pager tohaga
gambar pas kahirupan jakarta
sigrong dikuriling pager tohaga
gambar pas kahirupan jakarta
nu harehare ka sasama
milih ngabentengan diri
keur nyumponan rasa aman
tapi pager oge jadi panjara
tapi pager oge jadi panjara
nyengker diri ti sakurilingeun
padeukeut can tangtu geugeut
paadek can puguh wawuh
paamprok boa ukur api lain (*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar