Poe nu nguyung
Sarangenge teu oge ngurunyung
Recet budak minuhan unggal jeungkal rohangan ceuli
Si kembar duka di mana
Meureun silanglang di juru balong
Atawa nyilem ngojayan sagara kasuka
Pikiran kalah ngejat
Kamana boa mikiran naon rupa
Pagawean, harepan, implengan, kakuciwaan, jeung kanyeri diri
Jumaah ceudeum
Sarangenge teu oge ngurunyung
Recet budak minuhan unggal jeungkal rohangan ceuli
Si kembar duka di mana
Meureun silanglang di juru balong
Atawa nyilem ngojayan sagara kasuka
Pikiran kalah ngejat
Kamana boa mikiran naon rupa
Pagawean, harepan, implengan, kakuciwaan, jeung kanyeri diri
Jumaah ceudeum
Cinutrung marojengjang
nungguan bocah di kolam renang.(*)
nungguan bocah di kolam renang.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar