28 Maret 2015

Malem minggu nu biasa

Malem minggu nu biasa
Bulak balik teu puguh laku: layar tv, komputer, hape
Barudak taya soarana
Ngadon ngendong peuntaseun jalan
pikiran teu daek tenang
Dikered ku kamarudah: jungkrang
Antara ideal jeung nyata
Antara kahayang jeung nu geus tumiba
Antukna ngagolehe
tapi teu reup sare
Gulinggasahan
Ngeukeupan kamarudah(*)

Tidak ada komentar: