06 April 2015

Bedegong

Kasadaran ngetrokan panto nurani
basa diuk ngadagoan di palataran masjid
Ngelingan ngangajak balik kana bakti jeung iman

Tapi hate bedegong
Anggur kalah diantepkeun
Lir nyanghareupan nu baramaen pupuntenan

Geus jauh pisan hate malieus
Tina kasadrahan jeung bakti ka Gusti
Meureun kapepende nikmat dunya
Boa kalangsu kabawa napsu

Di palataran masigit
Sabot ngadagoan barudak sakola
Aya paguneman jero ati
Tapi si bodas can rosa nyoara
Napsu kulawu masih kumawasa. (*)

Tidak ada komentar: