Yu, urang ka buruan! Mulungan seungit malati, ngudag-ngudag warna-warni kukupu, nyakseni endahna ibun na tungtung daun.
Ah, hanjakal pangajak sarupa kitu teh kiwari pamohalan bisa diucapkeun. Najan hayang, tapi bener-bener mustahil dilakukeun. Di kota kapan burun geus langka pisan.
Di imah kuring, buruan malah sama sakali geus sirna. Pakarangan robah jadi teras: ditembok jeung disaungan. Taya deui taneuh nu nyesa keur pepelakan, kasilih ku sumanget ngalegaan ruangan imah nu memang ngan satapak leunguen.
Antukna budak kuring jadi korban. Arulin teh kudu di jalan baru perhatian kudu tetep waspada kana motor jeung mobil nu lalar liwat. Mun hanyang rada bagena, barudak teh sok diajak ulin ka taman.
Naha kondisi ieu bakal mangaruhan perkembangan mental barudak? Ceuk teori mah pasti. Kamampuan motorikna jadi terbatas. Baheula mah kuring kapan bisa ulin samanea di buruan: lulumpatan, teterekelan, ngadu kaleci, jeung sabangsa kaulinan liannya. Kiwari nepo budak lulumpatan oge kapan asa paur, inggir labuh turus tatu balas tidagor kana aspal. Ari kudu ka taman unggal poe da teu aya waktuna.
Kuring sakapeung sok gogodeg nempo budak kacida atohna diajak ulin di Mall. Mandi bal, poporosotan, jeung kaulinan lianna. Gogodeg lantaran kasenangan itu teh teu gratis. Kudu make duit.
Sakapeung kuring sok sono kana suasan desa. Kana buruan anu lelega. Karek ayeuna karasa bedana. Taneuh anu ngan sameter kali dua meter teh di buruan imah tatangga jadi barang anu kacida berhargana. Dimomones dijieun taman jeung balong. Wah, kabita pisan.
Pangna sakapeung sok muncul cita-cita aneh. Mun pareng ngalaman pangsiun, asa hayang balik ka desa. Nyieun imah di sisi kebon atawa sawah. Di buruan rek nyieun balong tempat miara rupa-rupa lauk. Ah, kahayang nu duka laksana atawa moal.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar