08 April 2009

Diudag Rasa Dosa

aya nu sumeleket
tiap kali ingat anjeun
nu teu walakaya
meureun itu rasa dosa

aya papaler
yen diri geus migawe
nu kudu dipigawe
tapi jauh jeroeun dada
aya pananya
nu teu anggeus-anggeus: naha bakti geus cukup?

rasa rumasa beuki kandel
mun inget baheula
basa anjeun bebeakan
keur ngahuapan kuring
kiwari kuring geus manjing
naha bet semua apilaian?

"ah, teu kitu
teu rumasa apilain
da lengkah kapan kacandet
rupa-rupa halangan"

panghibur diri nu butki
teu bisa mateni
rasa nu terus sumeleket
tiap inget ka anjeun
nu ngajoprak taya kawasa
ah...(*)

Tidak ada komentar: