asa heubeul ngeukeupan impian
nepika ham-ham mondok moek
: naha urang teh ditakdirkeun
katideresa salawasna?
guling gasahan
basa peuting ngadeukeutan ahir
isukan, tanwande sarua bae
: iraha urang bisa tinekanan?
teu sosoranganan
nu sanasib ngampar sapanjang jalan
sapanjang sisi walungan
sadedet gang gang bau cikolomberan
hate-hate nu hengker
dilelepkeun nasib
beungeut beungeut sepa
sinarna dirobeda kanalangsa(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar