Baheula hayang ka kota. Basa kuring ngalengkah mapay galengan bari ngarasula lantaran teu suka dipenta mantuan ngebahan manuk di sawah. Kuring sok meper kakeuheul bari ngalamun hirup di kota: teu kudu leuleutakan, teu kudu gateul manggulan eupan embe, teu oge kudu api-api segut ngaji.
Basa tinekanan, kuring sakola di kota, enya merenah. Asa bebas pisan. Ngalengkah taya hahalang, ngeleos taya panyaram.
Kiwari geus welasan taun di kota. Kayaan jadi patukang tonggong. Kuring bet mindeng sono ka kampung. Sono kana hiliwir angin di saung sawah, sono kana suasana basa ngaliwet di sisi walungan, basa muru manuk di sisi leuweung.
Asa rineh pisan mun boga imah di kampung. Isuk2 siduru mari nyuruput kopi. Teu kudu diburu2 waktu. Teu kudu diudag-udah macet. Rineh. Genah. Merenah. Tumaninah. Alah ieung..........(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar