asih urang
lir kalakay maruragan
katiup angin
kakalayangan
kanyaah urang
bleg rungga
kapalidkeun caah
kokoleaban
taya puntangan
sakecap
nurihan ati
sarengkak
mesetan dada
saringkang
beuki ngajauhkeun urang
ah, lebar temen
padahal kakara tilu purnama
asih direnda dihadehade
ih, palias teuing
mun urang kudu anggeusan(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar