25 November 2008

Wanci Sariak Layung

Wanci sariak layung. Basa magrib geus ampir cunduk. Di beulah kulan layung beureum minuhan langit. Endah...

Tapi asa geus lila kuring teu ngarasakeun wanci itu. Boro-boro sempet nitenan langit beulah kulon, da kapan jam sakitu teh kuring biasana keur sibuk-sbukna di kantor. Mun pareng keur libur di imah, da langit beulah kulon teh tara ieuh kaciri, kahalang ku suhunan imah jeung gedung jangkung. Maklum kapan di Jakarta.

Padahal beheula basa masih keneh budak, wanci eta teh jadi salah sahiji favorit kuring. Sabatur-batur biasanya ngadon diuk na kuta masjid bari nuhurkeun kesang sanggeus maen bal atawa ucing baren di lapangan hareupun masjid.

Sakapeung sok dicarekan ku bapa atawa pa ustad. Soalna kadang-kadang kesang can kaburu garing kuring kudu geus milu solat. Bada solat terus ngaji. "Teu sopan eta teh. Memeh solat mah kuduna mandi heula. Piraku ngadep Pangeran bobolokot kesang," ceuk bapa, nu kiwari tos almarhum, sakali waktu.

Tapi da tara ieuh nurut. Isukna kuring tara kuat nahan gogoda asikna ulin jeung batur sapantaran.

Kiwari, mun pareng balik ka kampung, karing tara ieuh nyaksian barudak rame arulin di hareupeun masjid. Paling aya oge nu ngadon latihan maen bal, tapi da asa geus rada galede umurna teh. Basa solat Magrib oge tara kapanggih budah leutik umuran SD milu berjamaah, ukur hiji dua nu diajak ku bapana. Reres magrib oge masjid teh terus sepi, taya aya nu ngadon ngaji. Na kamarana barudak ayeuna?(*)

Tidak ada komentar: