Asa beuki kararagok nyarita basa sunda teh. Komo mun kudu ngomong lemes mah. Meureun balas lila tara dipake. Atuda geus lila pisan kuring teh ninggalkeun tanah pasunda, ngumbara sakaparan-paran.
Coba urang inget-inget, geus sabaraha tahun kuring tih lunta? Mimiti taun 1990 ka Jogja, terus Surabaya, ayeuna Jakarta. Geus ampir 18 taun geuing. Lila pisan. Salila eta, basa sunda teh ukur kapake saliwat-saliwat. Mun panggih jeung sasama urang sunda di pangumbaraan. Atawa mun keur balik lebaran sataun sakli.
Sabenerna kuring rabi teh ka urang sunda, urang Kuningan. Tapi nya eta asa karagok mun ngobrol jeung si bunda make basa sunda teh. Komo da sunda manehna mah sunda kasar. Karasa asa nyentuk kana angen mun omonganana nu kasar ditujukeun ke kuring teh. Pangna ge kuring teh sok tetep nembal ku Basa Indonesia we, sanajan diajak ngobrol basa Sunda oge.
Sakapeung sok muncul rasa sono. Komo mun inget basa jaman di kampung beheula (Cigugur, Ciamis) basa masih bisa rutin ngabandungan carita pondok tina Mangle. Inget pisan, sok parebut jeung batur nu sarua hayang nginjeum majalah ka Mang Momon (almarhum) atawa Bu Aam.
Basa keur di Jogja jeung Surabaya sakapeung sok ngahaja meuli Mangle urut saloba-loba, keur bahan bacaeun ari keur rineh. Tapi ayuena mah berekah, tara pisan. Asana gues aya tilu atau opat taun mah kuring sama sakali tara ngabandungan Mangle. Naha aya keneh atawa henteu nya?
Kalan-kalan kuring sok iseng ngotektak dina internet. Bet manggih majalah Cupumanik anu muat carita pondok. Ah lumayan ubar sono. Hanjakal asa langka pisan di-up date-na majalah teh.
Dua poe katukang kuring bet panggih jeung mekanik urang sunda. Basa ngabengkel motor di daerah Lebak Bulus. Harita karasa pisan kateugna ngomong basa sunda teh. Manehna make basa lemes, ari kuring angger we basa kasar.
Ah bener beuki lila teh kuring asa jadi urang sunda atu terasing, anu beuki terasing tina hal-hal kasundaan.(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar