28 November 2008

Bedil Takokak

Baheula mah kaulinan teh tara ieuh meuli. Baheula, basa kuring leutik keneh tur masih hirup di lembur. Hayang kaluinan naon, nya kudu nyieun sorangan atawa menta mang nyieunkeun ka bapa.

Kaulinan nu dipika resep harita teh bebedilan. Sok nyieun sorangan tina bahbir albiso. Direka-reka ambeh siga enya. Jang pelorna dipake karet jeung kulit: persis katepel anu ditempelkeun dia bebedilan. Ari pelorna ku buah takokak .

Resep, ari peperangan teh sok ngadon neangan tempat nu penuh ku rungkun eurih atawa tangkal harendong. Jadi ulin teh bener-bener siga perang di leuweung. Batur opat atawa genep teh terus dibagi dua. Kadang-kadang eleh meunang ditentukeun ku nu pang terakhirna keuna ku pelor. Kalan-kalan terus perang nepi ka pelor masing-masing beak.

Ayeuna oge masih aya peperengan siga kitu teh. Tapi da tara nyieun sorangan bebedilan nana oge. Cukup meuli ti toko jeung pelor-pelorna. Asikna sih saruea wae sigana.

Terus nitenan cara kaulinan kitu: unggul mana budak ayeuna jeung baheula. Baheula meureun leuwih kreatif. Jaman ayeuna meureun leuwih melek teknologi.
Pada-pada aya unggulna, aya oge kalemahanan.(*)

Tidak ada komentar: