Cisodong. Masih nembrak na angen-angen kuring: walungan deet, cai herang nu ngalir na sela-sela batu. Beheula jadi tempat jugjugan. Ngadon mandi memeh ngaji. Ngadon nyair hurang pareng liburan.
pernahna kuloneun lembur kuring, Kampung Palumbungan. Salawasna jadi alaternatif terakhir warga. Mun halodo mimiti rohaka, jeung sumur mulai ngorotan, Cisodong terus jadi jugjugan. Jadi tempat nyeuseuh, tempat mandi, tempat ngala cai jang kabutuhan dapur.
Di Cisodong kungsi aya asmara teu tinekanan.
Hari teh tas lebaran. Ngadon tepung sono jeung batur-batur SD. Ngaliwet bari mandi. Limaan berangkat teh, tapi nu matak degdegan, milu oge L, nu kungsi dipeupeujeuhkeun ka kuring basa masih keur SD. Cinta monyet kuring.
Obrolan di sisi walungan tetela terus nyambung. Disambung ke susuratan basa pada-pada ninggalkeun lembur. Kuring ka Jogja, manehna ka Bandung. Hanjakal ngan ukur bubulanan. Waktu jeung anggang misahkeun kuring.
Kiwari kuring ilang raratan. Cenahmah manehna geus boga budak opat. Ari kuring karek dua. Kadang-kadang sok hayang panggih, hayang ngawawaas jaman beheula. Di mana anjeun, L?(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar