23 November 2008

Ka Saha Nitipkeun Asih

Carpon ku : Nurdin S.

“Huh, jadi kitu nyah, teu daek rumah tangga teh lantaran nungguan pamajikan batur?” Ema ngabalangkeun majalah kaluhur meja. Paromana cakueum haseum. Kuring Olohok. Na aya naon, datang-datang disambut ku bangkenu.
Sok majalah teh dirongkong. Dina halaman anu kabuka tembong judul ngajeblag : Ka Saha Nitipkeun Asih. Euh, berarti carita pondok kuring anu meunang lomba teh geus dimuat. Bener! Tuh geuning juara kahiji jeung kaduana oge dimuat babarengan.
Sinta teh? Naha siga widadari nepi ka Agung kaedanan?”
kerung. Har, naha bet jadi kieu? Tadina mah pangangguran. Basa nempo iklan sayembara ngarang carpon kuring bet katarik miluan. Kabeneran aya bahan tulisan anu can kungsi ka kirimkeun. Nya terus we diilukeun.
Ari caritana mah sederhana. Diropea tina pangalaman sorangan. Judul Ka Saha Nitipkeun Asih oge da lain asli beunang kuring. Baheula kungsi maca carita anu make judul kitu dina Mangle. Geus heubeul pisan, tapi eta kalimat bet tetep natrat dina ingetan. Kabeneran cocok jeung kaayan kuring ayeuna, nya dipake we.
Carpon teh nyaritakeun tokoh kuring anu terus diudag umur. Ku kolot ditagih geura kawin, tapi kuring bingung nangtukeun pilihan. Aya Neni. Sarua wartawan siga kuring. Manis, darehdeh, tur taat pisan kana agama. Make jilbab deuih. Kuring deukeut ka menhena lantaran meh unggal poe babarengan neangan berita.
Kuring kagum ka manehna. Kalangkangna sering kulayaban na pikiran. Asa bogoh, tapi oge cangcaya. Asana sampurna teuing. Beguer, manis, taat kana agama. Ideal pisan. Kuring jadi mindeng ham-ham. Naha pangawakan anu batan sakieu bisa ngigelan kasampuranaan manehna. Karunya teuing mun kuring teu bisa ngabagjakeun manehna.
Epes meer? Meureun. Tapi, ah, da barina oge kuring teh rada ragu-ragu ku sikep manehna. Siga lindeuk laleur. Bageur pisan ka kuring teh, tapi sakapeung asa aya jarak. Kuring jadi ham-ham, naha enya bageurna teh lantaran manehna boga rasa ka kuring.
Lila kaganggayong ku cangcaya, kuring akhirna justru leuwih deukeut ku Sinta. Ieu oge batur wartawan di lapangan. Manehna sobat dalit Neni. Tapi pasipatanana estu beda pisan. Mun Neni ramah tur pinuh perhatian, Sinta mah sering ketus. Teu boga rasa humor deuih. Dieleg teh sok langsung jamedud. Tapi, teuing kumaha mimitina, kuring jadi mindeng ngabanding-banding manehna jeung Neni.
Lila-lila kuring malah sering inget bae ka manehna. Mun di imah sok hayang geura gawe, hayang panggih jeung manehna. Berngakat gawe teh sumanget pisan da pan rek panggih jeung manehna. Hal itu bener-bener jadi siksaan keur kuring. Lantaran Sinta mah geus rumah tangga.
Tah eta kabingung teh ku kuring terus diropea jadi carita. Tetela bet kaleler juara ketilu.
“Urang mana Sinta teh?” Ema masih keneh tembong panasaran.
Kuring ngabelenyeh. “Ah, Ema, eta mah ngan ukur carita rekaan wungkul atuh. Sanes pangalaman nyata.”
“Tapi memang aya babaturan Agung nu ngaran Sinta kan? Ema oge pan sering narima telepon ti manehna.”
Wah! Memang sababaraha kali Sinta, oge Neni, nelepon ka imah. Biasana nanyakeun agenda acara keur isuk atawa menta nomor telepon sumber berita. Teu sangka ema masih keneh inget.
“Yeuh Gung, dosa hukumna lamun urang ngaganggu rumah tangga batur teh.”
Kuring kerung. “Ih ema, iraha kitu abdi ngaganggu rumah tangga batur?”
“Ari eta nanahaon?” Ema nunjuk majalah. “Ngarep-ngarep wanoja anu geus rumah tangga, lain ngaganggu rumah tangga batur ari kitu?”
“Aduh, Ema..., pan tadi ge tos dijelaskeun, eta mah ukur fiksi. Karangan. Bohong-bohongan.”
“Naha enya bohong-bohongan?”
“Ah, ema mah.” Daripada papanjangan gacang kuring ngaleos ka kamar. Majalah teh dibawa.
**
Isukna, base muru ka ruang wartawan DPRD, aya nu nepak taktak. Dilieuk, horeng Neni. “Hayoh, ngalamun bae. Digeroan mani teu lieuk-lieuk.”
“Aduh sori, rada malawung tadi teh.”
“Mikiran naon sih?”
Kuring ngarengkog. Naha titadi teh Neni bet sura-seuri terus. Aya naon nya? Nempo kuring merhatikeun, Neni tambah ngabelenyeh. Malah tungtungna nyeuleukeuteuk. Kuring tambah bingung.
“Aya naon, Nen?”
“Ah henteu. Neni mah karunya ka anu keur dirungrum kabingung.”
“Saha?”
“Aya. Sobat Neni keur bingung mikiran asmara.”
Kuring beuki teu ngarti. Cenah karunya, tapi titadi bet sura-seuri bae.
“Tos lah tong teuing dipikiran. Jodo mah tos aya nu ngaturna.”
Kuring tambah baluweng. “Eh, Neni ngomongkeun naon sih? Asa teu puguh juntrungna.”
“Tong bingung-bingung. Engke ku Neni dibantuan ngadugikeun ka Sinta.”
Kuring masih kerung. “Ngadugikeun naon?”
“Perasaan Agung. Ih, sok api-api. Dari pada bingung kasaha nitipkeun asih kan...,” pokna bari nyeuleukeuteuk deui. Terus manehna ngaleos ninggalkeun kuring anu masih keneh bengong.
Wah, berarti Neni oge maca carpon kuring. Aduh cilaka. Naha jadi kieu nya? Kuring gura-giru nyusul manehna. “Nen! Antosan atuh!”
“Hayu! Bilih acara rapat paripurna na kaburu mulai.”
Kuring unggeuk. Enya peo ieu teh aya rapat paripurna DPRD anu bakal mutuskeun kenaekan gajih Gubernur jeung DPRD. Mun ngabandungan sikep fraksi-fraksi basa diwawancara poe kamari mah, sigana disatujuan kenaekan gajih teh. Huh, pikasebeleun pisan para wakil rakyat teh. Diparilih teh lain ngabelaan rakyat, malah ngabelaan beuteung sorangan.
**
Basa asup ka kantin kuring mireungeuh Sinta keur nyanghareupan piring. Sabada pesen, kuring nyampeurkeun manehna. Nempo kuring teh manhena unggeuk. Tapi paromanna tembong teu berag.
“Kunaon, Sin?”
Manehna seuri maur. “Biasa lah, perang baratayuda.”
Perang baratayuda? “Pasea deui?”
Manehna unggeuk baru ngarahuh. Kuring milu ngarenghap panjang. Asana mindeng pisan Sinta pasea jeung salakina. Biasana soal anak. Maklum sanajan geus rumah tangga ampir opat taun maneha can oge oga budak.
“Masalah nu biasa?”
Sinta godeg. “Gara-gara Agung.”
Hah? “Ah, serius Sin...?”
Sinta unggeuk. “Kamari Neni nelepon, miwarang meser majalah Mangle terbaru. Ternyata aya tulisan Agung nya.” Kuring ngabetem. Asa bingung kumaha kudu mere reaksi. “Terus tadi enjing, basa Sinta keur masak si Aa ujug-ujug ambek. Pohara pisan ambekna teh. Nuduh kuring selingkuh. Kitu na teh bari nunjuk-nunjuk majalah nu aya tulisan Agung. Kabeneran basa tas maca teh ku Sinta halamanna dilipet.”
Meg! Angen kuring karasa asa ditonjok tarik pisan. Sinta tungkul. Kuring samar rampa. Salaki Sinta teh apaleun ka kuring da sababaraha kali kungsi papanggih. Jadi teu aneh lamun manhena langsung curiga teh.
“Si Aa teh ambekna bebeakan. Tapi Sinta mah da teu ngara salah, nya ngalawan we. Da teu rumasa selingkuh. Mun enya aya nu resepeun ka Sinta piraku kudu dicaram, tembal teh basa si Aa terus maksa supaya Sinta ngaku.” Sinta nyarita bari tetep tungkul.
Kuring beuki teu puguh rarasaan. “Hampura Agung, Sin ...,” kuring ngagerenyem meh taya soraan.
Sinta tanggah, mencrong. “Hampura? Hampura naonana, Gung? Pedah Agung boga rasa ka Sinta?” Kuring ngabetem.
“Ih ari soal eta mah Sinta justru kudu nuhun. Pangawakan Sinta anu batan sakieu bet masih aya keneh nu mikanyaah. Katarimakeun pisan, ngan Sinta mah moal tiasa malesan. Pan Sinta mah tos aya nu gaduh.”
Biwir Sinta teh terus ngabelenyeh. Ipis imutna teh. Tapi ceudeum anu titadi minuhan beungeutna ngadadak sirna. Asana imut Sinta teh bet manis pisan. Beda ti sasari. Kuring gancang mepeg rasa nu kumejot. “Tapi Agung tetep menta maaf. Lantaran tulisan Agung geus ngabarubahkeun rumah tangga Sinta .”
“Ah, biasa ari nu rumah tangga mah. Enjing ge pasti beres-roes deui.” Pokna baru imut deui. Hate kuring asa teu puguh rarasaan.
**
Basa mulang jam salapan peuting ema masih keneh nonton tivi.
“Aya undangan ti Mang Kamdi.” Pokna bari nyodokeun undangan.
“Undangan naon, Ma?”
“Mang Kamdi rek ngawinkeun.” Kuring neuteup Ema. Naha sorana asa rasa aneh. “Anak lalakina Mang Kamdi anu karek 23 taun rek kawin jeung urang Cimahi.”
Kalimat ema teh ngagantung. Kuring muka undangan baru ngadagoan sambungan caritaan ema anu geus kabade bakal kamana losna.
“Piraku Agung eleh ku budah kamari. Umur teh pan geus ampir 31, pagaewan geus boga. Naha ngadagoan naon deui atuh? Ngadagoan buuk huisan?”
Tuh kan, teu salah tina sangkaan. Kuring narik napas panjang bari meubeutkeun maneh kana korsi gigireun ema.
“Atawa rek terus ngadagoan pamajikan batur?”
Kurung ngarahuh. Lung we undangan nu can dibaca teh kana meja. Enya rek iraha atuh kuring teh bisa kawin? Teu ku hanteu, ras inget ke Neni anu bageur, ka Sinta nu tadi imut manis kacira. Ah, ka saha atuh kudu nitipkeun asih?(***)
Pamulang, Des 2005

1 komentar:

Elena Antonio mengatakan...

Ieu mangrupikeun kasaksian anu kuring bakal béjakeun ka sadayana pikeun ngupingkeun. abdi parantos nikah salami 4 taun sareng dina taun kalima perkawinan kuring, awéwé sanés ngagaduhan mantra pikeun nyandak pameget kuring jauh ti kuring sareng salaki kuring ngantunkeun kuring sareng murangkalih sareng kami parantos sangsara salami 2 taun dugi ka maksadna tulisan dimana ieu lalaki Dr.Wealthy parantos ngabantosan batur sareng kuring mutuskeun masihan anjeunna nyobian ngabantosan kuring nyandak salaki kuring ka bumi sareng percanten ka kuring kuring ngan ukur ngirim gambar kuring ka anjeunna sareng salaki kuring sareng saatos 48 jam sakumaha anjeunna parantos ngawartosan, kuring ningali mobil nyetir ka jero bumi sareng éta éta salaki kuring sareng anjeunna parantos sumping ka kuring sareng murangkalih sareng éta sababna kuring resep ngajantenkeun anjeun sadayana dina masalah anu sami pikeun pendak sareng lalaki ieu sareng kakasih anjeun balik ka diri anjeun na email: wealthylovespell@gmail.com atanapi anjeun ogé tiasa ngahubungi anjeunna atanapi whatsapp anjeunna dina +2348105150446 Blog ieu: https: //wealthylovespell.blogspot.com ..... hatur nuhun pisan Dr.Wealthy. ...