hariring endah kalebuh hujan rongkah
tali asih beuki ngendoran
dirobeda sifat patukangtonggong
pasini urang nu baheula
beuki ngolembar tina implengan
rek kamana lengkah teh, enung?
kenca jurang, katuhu jungkrang
bongan pada mawa karep sorangan
bongan keukeuh aingaingan
rek sabaraha lila deui, enung?
da umur beuki ngorotan
kapan kasabaran aya anggeusna
Ah...(*)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar