24 Februari 2009

Katresna Ngalakay

kalakay mahoni mancawura
katebak angin panungtung usum katiga
di langit jurueun lembur
aya mega nu nyumputkeun hujan
di lamping pasir ieu
aya teuteup nu beueus cimata
: hampura, enung!
ukur kuat kedal sakitu
dada kaburu ditonjok rumasa: lalaki hengker taya kawani
ah, moal rek baha
jungkrang lungkawing
rempan nyorangna
cinta, kayakinan:
lain pilihan nu bisa dibenturkeun
sarangenge meh surup
guludug meupeus kasimpe langit
pras pris girimis
cimata anjeun geus titadi banjir
hapunten, jungjunan!(*)

Tidak ada komentar: